Can naon-naon ieu teh kumaha ujug2 hayang seuri sorangan…. kawas nu lieur bae nya ..keun be ah..eta bakat ku bungah meureun, ieu carita teh carita nyata, pangalaman kuring jeung di Teteh (Teh Reni - red), teteh ketemu gede di dunya maya tapi nyata tea, ari judulna paralun sanes moyok kaayaan dapur Ma Toah ieu mah sakadar saran ti salaki kuring nu ilaharna kukuring dicalukanna Mas Ton atawa si Mas, cenah kieu "Neng sok bikin carita tentang masak di Sancang tea..judulna mah "Dapur Reyot Ma To’ah" be menarik tuh..pasti banyak yang baca..ciiieeee..siga pamajikana bisa nulis bae.. ah tetebiheun atuh siga Teh Reni mah, ieu mah ukur maurkeun eusi hate kana tulisan…sugan2 aya nu resep macana beh jauhna mah bisa ngagumbirakeun batur..amin. Kieu gera caritana….
Basa poe kemis kuring keur lumayan sibuk dikantor, kahijina rek dines ka Jakarta, biasa rek nganteurkeun dokumen pamentana BPK, matak poe haritamah kuring enya ge online di yahoo tapi ngajawabna bari buntang banting nyiapkeun dokumen nu rek dibawa tea, da eta meni aya kana 19 bundelna. Harita bada rengse nyiapkeun dokumen kuring bisa rada reureuh dihareupeun komputer eh teu lila aya si uwa ngirimkeun PM cenah tos pendak jeung Bu Reni tuh keur OL da..padahal harita kuring mah teu ningali list di ym ngan pedah aya sms nomerna mah teu wawuh ngan dimimitian kieu "Yi..ieu teteh, janten teu rek ngiring ka Sancang teh"..puguh be bungah pisan narima sms kitu teh, buru2 dijawab kieu " Kantenan cios mah, iraha angkatna kitu.." teu buru lila aya sms deui ti Teh Reni "Insya Allah dinten sabtu nu bakal sumping, duka ping sabaraha" tah haritamah kuring ngajawab teh via ym da si teteh katingali geus OL. Ping 8 sigana teh, tah muhun ping 8 waler si teteh. Tas kitu mah paheut be nungguan dimana jeung jam sabaraha inditna oge kana kandaraan naon. Harita kuring oge buru2 ngabejaan nu jadi salaki, da kabeneran kuring mah pajauh jeung salaki teh, alatan ku gawe jeung sakola budak, Manehna mah di Batawi ari kuring di Bandung, kaitung deukeut ayeuna mah geus aya cipularang mah kadang ukur 2,5 jam geus nepi, komo salaki mah cicingna di Jaktim nu pang deukeutna ti Bandung mah.
Poe jumaah kuring teu OL di yahoo da dines tea ka Batawi. Ka si Ade kuring ngan ngabejaan yen isukan sabtu mun bisa ulah nepi ka rengse sakolana sabab rek dibawa ulin, budak teh meni atoheun barang dibejaan rek diajak ka Sancang nu pernahna deukeut ka laut, cenah Asyik..Iki rek ka pantai, sa umur2 cenah can pernah, padahal keur leutik mah pernah dibawa ka Pelabuhan Rabu da kabeneran uyutna nganjrek didinya. Geus urang tuluykeun deui carita ka Sancang tea.
Poe saptu, isuk2 kuring geu menta dianteur ka pasar anyar ka si mas, salain rek balanja keur bawaeun ka Sancang, kuring sakalian ngalongok nu jadi indung, nu pernah na teu jauh ti pasar anyar mah. Da kitu ari pere gawe teh taya deui ukur sok nepungan nu jadi indung, da ari ngurus mah teu bisa, lantaran ku gawe tea, piwarang linggih di rorompok, Ibu teh alim cenah sepi jeung taya nu ngurus, padahal mah ari merenahna mah cicing teh merenah di imah kuring, geus lumayan weweg imahna sanajan teu siga batur gedong sigrong, lega ka bina2, imah kuring mah basajan, disebut goreng teu, gedong mah ah jajauheun. Nu penting teu kahujanan teu kapanasan. Nya akhirna kuring ngelehan sok ngalongokan indung tiap aya libur atawa aya waktu luang najan keur gawe ge. Tara barang bere nanaon sakadar be ngan sok nyandakeun karesepna. Harita oge kuring naros ka nu jadi indung palay tuang jeung naon, jeung kueh naon anu ayeuna palay di opi.
Geus kitu mah kuring tuluy indit ka pasar jeung si mas, ari nu dibeuli teh teu loba, salian pesenan indung kuring oge bahan2 keur nyieun lumpia basah, da kamari geus jangji ka si teteh rek mang nyieunkeun lumpia basah mun geus tepi ka Sancang. Cenah eta teh resepna si teteh mah, sing lada be. Geus cukup bahan nu kudu dibawa jeung aya nu sejena kuring terus balik ka imah indung, harita teu bisa terus balik ka imah sorangan da cenah teu aya nu bisa mang masakeun pesenan Ibu mah nyaeta palay sop daging jeung gepuk sunda. Kuring tuluy ngahurungkeun kompor terus naheur cai jang ngagodog daging tea. baring nungguan daging hipu, kuring mesekan sayur jang lalawuhna, geus beresih menang motong jeung ngumbah mah terus di simpen dina panci nu aya caian. Harita terus pamit teu bisa nungguan asakan rengse da kaburu beurang, harita ge geus jang 10. Padahal rek indit teh rencana na bada lohor.
Tepi ka imah terus nyiap2 keun barang2 nu rek dibawa, salian ti bahan pasakeun oge salin da rencanana rek meuting lantaran mun PP mah cape. Jam 11.30 aya sms ti Teh Reni ngabejakeun cenah rek miang ti bumina teh bada lohor da solat ge di jama, meh tenang. Ari kuring ngajawab rek nungguan teh di Gerbang Tol Kopo da imah kuring lebah dinya pisan, kari leumpang 5 menitan ka jero. Geus wareg dieusi ku sangu boh kuring, salaki oge si ade terus sarolat lohor jeung ashar di jama khosor. Geus kitu mah tulus pami ka bibi/adik bpk kuring nu memang cicing jeung kuring. Niat teh langsung nungguan di gerbang tol, beh Teh Reni teu nungguan lila mun geus tepi.
Tepi ka gerbang, terus ngadon ngobrol jeung tukang batagor nu taya lain tatangga deukeut kuring da imahna teh gigireun, harita mah nu dagang teh lain salakina cenah aya perlu, jadi ditungguan ku pamajikana nu nyambi jadi guru honorer di SD, harita manehna geus balik ngajar. Ngobrol teh ngaler ngidul, teu karasa aya kana 10 menitna, eureun2 teh pedah puruluk2 hujan mimitimah leutik eh teu lila ujug2 gebret bae, puguh kuring lumpat milu ngiuhan ka nu dagang gorengan, sarua eta ge tatangga tapi ieu mah imah na beh tukang. Hujan teh lumayan gede, si mas terus nitah ka kuring sangkan ngirim sms ka Teh Reni yen kuring geus di Gerbang Tol. Teh Reni jeung carogena /Kang Asep, harita geus di jalan cenah rada macet. Meni manghariwangkeun pedah hujan, pdahal kuring aya dinu iuh teu kahujanan. teu muru lila sapuluh menitan ti harita terus aya mobil kijang abu2 nomerna 1603 cocok jeung nu dibejakeun ku si teteh dina sms, tah gening si tth tos sumping. Si mas nu mimiti nyampeurkeun kana mobil, harita si tth turun nitah si mas diuk di hareup beh kang asep aya batur ngobrol, ari si tth ngalih ka jok tengah, si ade mah terus naek diuk di jok tukang, ari kuring gigireun si teteh, sasalaman teh dina mobil be, bari langsung saleuseurian. da eta kabayang lamun keur dina chat, bari jalan mobil teh kuring bari silih tepungkeun. Alhamdulillah akhirna bisa tepung jeung si teteh nu asalna ukur bisa dibayangkeun da kalimat2 be dina ym ngobrol teh beh jauhna dina sms. Kang Asep carogena Teh Reni pinter nyupirana, tapi rada hariwang da meni ngebut, kituna mah muru waktu beh teu kapeutingan tepi ka Sancang jero pikir teh, ku si teteh sababaraha kali di gebes, ulah tarik2 teuing nyupirna Pah… kuring ukur mesem be.. sajajalan kuring uplek ngobrol nyaritakeun kalakuan duaan mu keur chat, oge babaturan chat nu sejena, utamana mah si uwa. Da alatan si uwa kuring bisa wawuh jeung Teh Reni teh. cenah kuring mirip sifatna jeung teh reni ceuk si uwa mah, ari barang amprok sigana aya benerna, naon pamadegan si tth kuring nyaluyuan pisan kitu deui naon rengkak paripolah karesep kuring si tth oge kitu cenah, nya ari geus klop mah obrolan teh meni panjang lebar marabah ka mana2 siga nu geus loma pisan. Ari kuring asa boga lanceuk ka si teteh teh, meureun kitu si tth ge asa ka di ka kuring teh. Ari nyebut teh ng ayikeun, kuring ngatetehkeun.
Topik obrolan teh sigana 70% mah carita si uwa sigana (hampura wa nya ..kekekek tp sanes ngagogoreng da insya Allah), enya kitu ngobrolkeun teh si uwa mah aya ku bageurna teu ka saha2 talang tulung teh, berehan pisan, tara mikir saha eta, keur naon, ari aya mah sok golosor2, misalna basa kuring rek ngahiji jeung si mas, eta jauh2 meni emut ngirim kadi sagala, eta teh lain ka kuring wungkul, ka si adi oge kitu, malah samemehna mah room bandung 1 teh di biayaan titah kopi darat cenah beh nyata ulah ukur carita wungkul jadi babaturan teh, nya kuring aya kana 16 urangnah kopi darat di ampera, si uwa mah ukur menta caritana be. Terus cenah saur Teh reni ari ngirim ka guru2 SMP 4 teh meni teu di wilah2 sadaya ka kirim disaruakeun, oge ka kuring pernah ngirim pernak pernik hiasan jeung t shirt nu harita ku kuring di pake ka Sancang malah dibejakeun ka si teteh yen kaos nu dipake teh pangirim si uwa. Nya aya carita nu rada2 gorengna ge tentang si uwa teh, kahijina mah eta ku teu sabaran mun pm kudu buru2 di jawab, padahal boh kuring boh teh reni, ari chat teh bari ngetik tea, bari nulis tea, eh si uwa mah tara nganyahokeun cenah poho ka uwa ari geus ngobrol jeung batur mah hahahah… si teteh mah meni eta aki2 ku teu sabaran nya …. meni di aki2 keun, punten wa..heureuy ah…ari kuring jeung si teteh saruana mang nyaahkeun ka si uwa ..mun aya nu deleka ngaraheutkeun hatena, jadi sok milu nyeri hate sok milu hayang nyarekan kanu deleka eta, sanajan nu dibelaana kadang pikasebeleun cenah moal daek deui ngobrol jeung si eta, rek putus moal interaksi deui, eh teu lila alesan da babalik pikir keun be urang deukeutan deui.. pan pikasebelen nya .. tah carita2 eta nu matak kuring seuseurian sapanjang jalan jeung si tth.
Jalan ka Sancang teh, waluratna leuwih ti jalan ka Pelabuhan Ratu atawa ka Pangandaran, pengkolana meni hampir 270 derajat, mana jalana teu lemes kabeh, lamun supirna teu pinter mah teuing iraha tepina, eta ge sababaraha kali ngagebeg, alatan rek amprok jeung mobil nu lawan arah, untung kang asep mah meni siget pisan pa guru teh, sigetna sarua jeung bobodorana eta teh, si ade mah meni resepeun pisan, malah cenah rek ngaluh sakola ah beh diajar ku bu reni cakeut jeung pa asep… emang gampang kitu. Ti awal indit Teh Reni cacarita, di Bandung mah hujan ageung kieu teh Yi, di Sancang mah moal gera, ari pas rek tepi ka cikajang aduh, di mana tanah longsong, malah aya batu gede pisan ngagorolong, untungna teu ngahalangan jalan, mana banjir, loba sawah nu kakeueum, Teh Reni jeung si Akang ge meni heraneun pisan, cenah tara2 siga kieu, sigana pedah kuring milu jadi be hujan nya..hehehe meni pede ah.
Pasosore kira2 jam 4 leuwih geus tepi ka Cikajang mobil teh, terus reureuh heula di warung nu ngajual karedok, cenah raos, geus kabayang be, lamu timbel bawa ti imah jeung goreng lauk emas di padu ku karedok nu lada, mana hujan lumayan gede. Asup ka warung teh, muru dariuk di luar warung lantaran bisa ningali pemandangan endah, dihandapna, kekebonan, boga pendudukan didinya oge langit anu mayungan katingali atra matak waas. Alhamdulillah dahar teh asa ku nikmat sanajan karedokna kaamisan jeung teu diladaan da karunya si ademoal bisa ngadahar. Ari si mas jeung bu reni pesen indomie, nya hawa keur tiis mah asa kahaneutan. Ti dinya neruskeun hanca muru ka sayang heulang rek nginep di panginepan Pa haji cenah, teu kabayang mun panginepan teh pernah nah teu jauh ti laut, si ade meni atoh pisan, ningali kitu teh, asyik cenah pagi2 rek jalan2 ah ka pantai. Tepi ka panginepan teh pas magrib, sanggeus bisa asup ka kamar, terus warudlu jeung solat magrib. geus kitu mah milih kamar nu rek dipake istirahat, ari si mas milihna nu kamar wungkul, langsung ka tepas imah pantona, ari Teh reni mah di jero kamarna aya rohangan deui, tadina mah si ade rek sina mondok didinya tapi budak teh teu daekeun jauh ti indung jeung bapak, nya akhirna mah ngariung be sakamar tiluan. Kitu da salaki teh teu dimana-mana ari tepung teh hayangna sosonoan, kituna mah da wajarna lantaran pajauh cicingna, matak ari tepung teh sok curi2 waktu..tah carita ieu mah off the record be nya..bisi kabita hahahaha.
Ngariung sarerea ngobrol teh ditepas imah ngaler ngidul, ngobrolkeun pangalaman sewang2 an utamana masalah jalan2 da si mas jeung pa asep saruana sok karyawisata jeung muird2 na, ari kuring jeung si teteh ngobrolkeun masalah barudak jeung kamonesan si ade. Enya budak teh sonagar jeung sagala hayang nyaho, cenah budak teh alus pimajueun tinggal di arahkeun dididik be. Geus rada peuting lantaran cape terus maruru ka kamar sewang2 an, kuring teu terus sare harita da kasur teh meni kasrak kesrek lantaran plastikna teu dibuka sigana beh teu kotor, mana 3 an deui hese usik, akhirna si ade ngetrok kamar si tth rek nambut kasur tilep nu aya didinya, siade terus teu lila geus tibra, tapi kuring nitah si mas mindahkeun ka kasur busa da sora kasrak kesrekna ngaganggu, kuring duaan pindah sare na kasur tilep. jam 3 subuh kuring geus hudang tapi rek lail tapi mukena diaya di kamar si tth sieun ngagareuwahkeun ah ngedeng deui, subuh2 karek ka cai terus solat, ari beres dingali kaluar teh si tth jeung pa haji oge si ade keur caralik di sisi pantai ningali laut nu ngagulidag… Ti dinya teu langsung ka sancang tapi ka pantai2 nu pemandangana alus, oge ka pelelangan lauk, cenah bisi teu aya lalawuhna, terus sasarap bubur ayam di daerah mana eta ku teu apal, bubur teh sederhana tapi meni nikmat, paahal disisi jalan dagangna teh..pantes payu ge da nya murah nya ngeunah…geus kitu mah terus muru ka Sancang, kira2 jam 10 an tepi teh, kuring langsung muru ka jero imah, enya be pantes ceuk si teteh, hayang gera ngomekeun imah, eh lain ngomekeun eta mah tapi ngawangun, da sigana moal loba nu ka ala sesa bahan imah teh, ngan ari jang ngiuhan mah lumayan teu kahujanan, sanajan ari bluk ka dapur mah kuring kudu ari2 nincak palupuhna da dimana loba bolong, mana sakapeung mah karasa aa enyod2 an siga aya nu potong, saur bu eni mah cenah males ka dapur si teteh mah lantaran digedebros sababaraha kali…hahahaha eta mah teu ati2 be nya. Ari kuring terus nginjeum peso jeung alat2 nu sejena, geus kitu meresihan bangkuang dipotongan ari ngumbah mah bagian iim, minantuna Ma Toah. geus siang mah terus kuring turun ka hawu da can make kompor, ngan orokaya samak teh bari ingsreuk2 an, reumbay scimata padahal si mas teu nyiwitan da jauh di hareup manehna mah ngawangkong sareng pa asep. Ieu mah alatan ku haseup nu nyerebung tina hawu lantaran suluhna baseuh. Nya kumaha deui, hayang nyugemakeun jeung nedunan jangji ka si tth rek mangnyieukeun lumpiah basah tea, kuring dibantuan ku iim oge ku teh reni maksakeun masak dina hawu nu nyerebung ku kebul tea, cenah ke bau itu ieu mah geus teu dipikir, baru kesang luut leeh, mata cirambay, akhirna teu burung beres masak teh, barudak mah di bere ti heula da teu diladaan, sesana cengek nu menang ngarendos teh di hijikeun kana adonan pasakan, kabayang segerna panas dina hawa keur tiis neda lumpia, tapi teuing kumaha tah rasanya ari ceuk si tth mah raos cenah ke rek nurutan di Bandung rek ngadamel di bumina, harita barang beres masak teh si mas nga gera2 nitah dahar, padahal meni asa sa am ameun eta lumpia, tapi ningali lalab daun sampeu, sangu pulen panas, goreng lauk tenggiri menang masak Iim ditambah ku peuteuy anyar metik tina tangkal jadi eleh, lumpia teh dikasisikeun, habek be kana sangu terus nyoel sambel, awas jangan banyak2 pedes sambelna, si mas ngingetan da kitu basana teh campuran kadang sunda kadang indonesia, uyuhan sakitu ge geus pinter basa sundana padahal di bandung ukur Jumat sore nepi ka Minggu sore, kuring jeung si tth meni ngalimed, asa ku nikmat, eta peutey meni kolot padahal parondok nu didahar teh, dicoel ku sambel lada, didorong ku lalab daun sampeu nu ngora, katambah lauk tenggirina meni pedo, aduh mun teu sieun kamerekaan mah jeung sieun teu kadahar eta lumpia nu menang hese cape masak teh sigana bakal habek deui.
Eh enya aya nu caritana .. waktu keur masak lumpia di dapur, Iim ditanya ku kuring, tos pernah ngaraosan teu lumpia siga kieu.. pernah cenah tapi teu kumplit siga kieu, ceuk kuring mung hayang kumplit pisan mah make hayan menang ngagoreng terus di sewiran, aduh eta sabaraha Ibu pangaosna da lemes nyarita na teh, era meureun pedah ka urang kota…heuy deuhh urang kota nya…matak barang ditanyakeun sanggeus kuring sarerea rek balik, kumaha lumpiateh teu raos sigana nya, ah ibu raos pisan, didieu mah tara nuang nu kararitu pisabarahaeun bahana pami ngadamel ge, ari meser da awis cenah… kuring ngarasa bungah ari pada resep mah kana pasakan kuring utamana ka barudak nu maturan si ade ulin, pada kabagean sigana teuing iraha deui manggih dahareun siga kitu. Ngangres ari inget kadinya. coba mun waktuna lila meureun kuring rek nyieun nu sejen kadaharan nu jarang aya didinya..ah mudah2 an jaga mun saung si tth tos diwangun, bisa laluasa nginep didinya jadi waktuna panjang jang papasakan. Teuing da sajajalan teh ngan ke deui mah kalo ke sanjang jumat sore pulang minggu, boh Pa Asep, Teh Reni oge si Mas, bangun betaheun si mas ge… padahal karek amprok jeung keluarga Teh Reni teh, biasana tara kitu manehna mun teu cop kana hate mah. Tah kitu pangalaman ulin ka Sancang teh alhamdulillah.. tepi ka Bandung di papagkeun hujan lumayan gede atuh ..kuring huhujanan leumpang di Ganng ka imah teh, tapi da hate bungah asa teu masalah jadina..nuhun Teh ..oge Kang Asep tos ngajak amengan ka sancang….pek tah baca…..!!!!!